New Post!

  • Cik atuh gan gue mau posting nihh

    Ulah Seurinyaa ! HA~HA~HA~HA

    Budak jeung Emana

    Budak umur tilu taun keur meujeuhna capetang ngomong, sala rupa ditanyakeun ka emana.
    Budak : “Ma aria de dikandung ku ema sabaraha sasih?”
    Emana : “Salapan bulan salapan poe!”
    Budak : “Ari ade ayeuna sabaraha taun?”
    Emana : “Tilu taun!”
    Budak : “Ari ema nikah sareng bapa tos sabaraha taun?”
    Emana : “Tilu taun oge!”
    Budak : “Jadi nu salapan bulan salapan dintenna ?” (tarangna kerung semu nu mikir)
    Emana :”Ehh salah ketang, umur hidep the ayeuna nembe sataun satengah !” (rada gugup)
    Budak :”Ahh maenya umur ade nembe sataun satengah, tos capetang kieuu!”
    Emana : “Geus ah tong loba tatanya, pamali!”

    Ngajawab Soal ujian

    Dina soal ujian anu mangrupa esey, aya pituduh kieu : Pigawe tujuh tina sapuluh soal anu ku hidep dianggap pang babarina.
    Gudrud wae ku manehna mah dipigawe sapuluh soalnnana, terus dihandap make implik-implik kieu “Mangga we pilih tujuh tina sapuluh jawaban anu pangmerehna.”

    PEUYEUM
    Oji                          : mang, sabaraha sakintalna peuyeum the ?
    Tukang peyeum : upami seueur mah wios lah dimirahkeun. Bade sabara kintal kitu peryogina ?
    Oji                          : ah meser wae sagelempeng mah, kangge nu nyiram
    Tukang Peyeum : Kop we nyokot kadinyaa.. sakalian tambahan hiji keur mopok ucing..!!

    NINI UTI

    Kusabab haying ngora, teu talangke deui Nini Uti meuli jajamu awet ngora saratus bungkus. Kulantaran haying gancang karasa hasilna, jajamu nu saratus bungkus the diinum disakalikeun. Na da eta mah Nini Uti the ngadadak jadi orok, sabab ngora teuing da nginum jajamu awet ngorana teu make aturan. Ayeuna Nini Uti keur diajar haohakeng bari dibedong ku Aki Abdul.

    TALEUS

    Kabayan : Teung ari maneh geus apal ngadahar taleus ameh teu ateul?
    Iteung : Gampang, Kang. Beuti taleus dipesek, tuluy dikumbah geutahna sing beresih, tuluy seupan. Moal ateuil geura.
    Kabarayan : Hese kitu mah Teung ! Nu babari mah memeh didahar, garoan heula taleusna!

    OJEG

    Tk ojeg : Nu biasa we duarebu lima ratus !
    Endul : Boga duitna ngan sarebu
    Tk ojeg : Sok we numpak karunya!
    “ojeg  maju, den Endul anjecle diboncengna. Barang rek eureun, jedak. Ojeg nabrak tangkal kalapa.”
    Endul : Sing bener atuh, maenya eureun the ditabrakeun kieu ?
    Tk Ojeg : Hampura Endul, mayar sarebuen mah teu dierem!
    Endul : Beu

    AKAR

    Guru : Yu, aya jamu kuat ?
    tk Jamu : Aya, Pa. Milih ieu mah husus keur barudak sakola kurang daya nangkepna dina pelajaran Matematika
    Guru : Cik,cik,cik tina naon ramuanna ?
    Tk Jamu : Sami we tina akar-akarran,. Namun ieu mah diramuan tina akar kuadrat.

    JAJAMU

    Indung : Nyi, jajamu naon anu tadi dibikeun ka ema the ?
    Nyi : Aeh uhun, tadi the lepat masihkeun, kedahna kanggo bapa, eta the jamu kuat lalaki
    Indung : Paingan atuh, karasana asa haying macul wae

    Cerpen sunda

    0


  • Oke gan kali ini gue posting yang sesuatu nih 

    HARTOS SUWATARA NAMI SUNDA
    A
    Asih = Cinta, nyaah
    Arum = Seungit, kembang
    Atmaja = Kembang
    Asta= Dalapan
    B
    Banyu = Cai
    Bhuwana = Alam semesta
    C
    Cahaya/sahaya = sinar, nur
    Candra = Bulan
    Catur = Opat
    Citra = Ajen, nilai, dangiang
    D
    Dasa = Sapuluh
    Diah = Sesebutan keur istri (nona,miss)
    Dur = Dhalim, jail
    Dharma/darma = Babakti
    Dwi = Dua
    E
    Endah = alus
    Esa/ eka = tunggal / hiji
    G
    Ganjar = pahala, hadiah, dipaparin, dibere
    Gina = juru, pojoik
    J
    jana = manusa
    jaga= ngajaga, nungguan, ngariksa
    jaya = meunang, unggul
    jewara = juara
    jomantara = awing-awang
    K
    karta = makmur
    karna = ceuli
    komara = alus, sinar, dangiang
    kusuma = kembang
    kumba = gede, angeung
    L
    laga = legeg, gaya, tandang
    M
    man= lalaki
    marga = jalan
    mitra = dulur, babaturan (partner)
    N
    nata = raja
    nawa = salapan
    P
    panca = lima
    paksi = garuda, manuk
    pratama = pertama, utama
    praja = pamerentah, pangawasa, pagawe, nagara
    pura = kota, dayeuh, tempat
    purwa = mimiti, munggaran
    R
    rahaja = sejahtera
    riksa = ngariksa, ngajaga, ngarawat, ngutak-ngatik
    S
    sar = pinter
    sapta = tujuh
    satia/ setia = satia
    santika = satria, gagah
    sastra = basa anu alus
    surya = panon poe, su-alus, lemes
    Sukma = jiwa
    T
    tri = tilu
    tirta = cai
    W
    wan = pameget
    wati = istri
    wangsa = bangsa, kaum, umat
    Wijaya/ jaya = unggul
    wiea/prawira/wiria = satria, perwira
    windu = dalapan
    Y
    yudha = perang, panglima, prajurit

    KAMUS BASA SUNDA

    0


  • CAHAYAKU

    Seuntas senyum terukir menghias hari
    Hari demi hari tergores tinta emas
    Bercerita tentang dua insana illahi
    Yang merajut kisah, mengikat rasa


    Rasa lebih dari sekedar persaudaraan
    Memandang raut wajahmu nan teduh
    Memikat hati nurani
    Hidupmu, juga hidupku

    Pilu rasa hati
    Tatkala cahaya mulai redup
    Berhenti menyinari lorong sunyi
    Kata tak mampu terucap
    Hanya air mata berbicara

    Wahai penghuni hati
    Sinarilah relung jiwa ini

    Puisi CAHAYAKU

    1
  • - Copyright © 2013 Iis Haerunisa Blog - K-ON!! - Powered by Blogger - Designed by Johanes Djogan -