• Posted by : iis haerunisa Kamis, 05 Desember 2013

    Cik atuh gan gue mau posting nihh

    Ulah Seurinyaa ! HA~HA~HA~HA

    Budak jeung Emana

    Budak umur tilu taun keur meujeuhna capetang ngomong, sala rupa ditanyakeun ka emana.
    Budak : “Ma aria de dikandung ku ema sabaraha sasih?”
    Emana : “Salapan bulan salapan poe!”
    Budak : “Ari ade ayeuna sabaraha taun?”
    Emana : “Tilu taun!”
    Budak : “Ari ema nikah sareng bapa tos sabaraha taun?”
    Emana : “Tilu taun oge!”
    Budak : “Jadi nu salapan bulan salapan dintenna ?” (tarangna kerung semu nu mikir)
    Emana :”Ehh salah ketang, umur hidep the ayeuna nembe sataun satengah !” (rada gugup)
    Budak :”Ahh maenya umur ade nembe sataun satengah, tos capetang kieuu!”
    Emana : “Geus ah tong loba tatanya, pamali!”

    Ngajawab Soal ujian

    Dina soal ujian anu mangrupa esey, aya pituduh kieu : Pigawe tujuh tina sapuluh soal anu ku hidep dianggap pang babarina.
    Gudrud wae ku manehna mah dipigawe sapuluh soalnnana, terus dihandap make implik-implik kieu “Mangga we pilih tujuh tina sapuluh jawaban anu pangmerehna.”

    PEUYEUM
    Oji                          : mang, sabaraha sakintalna peuyeum the ?
    Tukang peyeum : upami seueur mah wios lah dimirahkeun. Bade sabara kintal kitu peryogina ?
    Oji                          : ah meser wae sagelempeng mah, kangge nu nyiram
    Tukang Peyeum : Kop we nyokot kadinyaa.. sakalian tambahan hiji keur mopok ucing..!!

    NINI UTI

    Kusabab haying ngora, teu talangke deui Nini Uti meuli jajamu awet ngora saratus bungkus. Kulantaran haying gancang karasa hasilna, jajamu nu saratus bungkus the diinum disakalikeun. Na da eta mah Nini Uti the ngadadak jadi orok, sabab ngora teuing da nginum jajamu awet ngorana teu make aturan. Ayeuna Nini Uti keur diajar haohakeng bari dibedong ku Aki Abdul.

    TALEUS

    Kabayan : Teung ari maneh geus apal ngadahar taleus ameh teu ateul?
    Iteung : Gampang, Kang. Beuti taleus dipesek, tuluy dikumbah geutahna sing beresih, tuluy seupan. Moal ateuil geura.
    Kabarayan : Hese kitu mah Teung ! Nu babari mah memeh didahar, garoan heula taleusna!

    OJEG

    Tk ojeg : Nu biasa we duarebu lima ratus !
    Endul : Boga duitna ngan sarebu
    Tk ojeg : Sok we numpak karunya!
    “ojeg  maju, den Endul anjecle diboncengna. Barang rek eureun, jedak. Ojeg nabrak tangkal kalapa.”
    Endul : Sing bener atuh, maenya eureun the ditabrakeun kieu ?
    Tk Ojeg : Hampura Endul, mayar sarebuen mah teu dierem!
    Endul : Beu

    AKAR

    Guru : Yu, aya jamu kuat ?
    tk Jamu : Aya, Pa. Milih ieu mah husus keur barudak sakola kurang daya nangkepna dina pelajaran Matematika
    Guru : Cik,cik,cik tina naon ramuanna ?
    Tk Jamu : Sami we tina akar-akarran,. Namun ieu mah diramuan tina akar kuadrat.

    JAJAMU

    Indung : Nyi, jajamu naon anu tadi dibikeun ka ema the ?
    Nyi : Aeh uhun, tadi the lepat masihkeun, kedahna kanggo bapa, eta the jamu kuat lalaki
    Indung : Paingan atuh, karasana asa haying macul wae

    Leave a Reply

    Subscribe to Posts | Subscribe to Comments

  • - Copyright © 2013 Iis Haerunisa Blog - K-ON!! - Powered by Blogger - Designed by Johanes Djogan -